Sabtu, 30 April 2011

Istilah- istilah dina Bahasa sunda

1. Istilah Patukangan
  • Anjun = tukang nyieun parabot tina taneuh
  • Bujangga = tukang nyieun / nulis sastra\
  • Candoli = tukang ngajaga pabeaan tinu hajat
  • Gending = tukang nyieun parabot tina kuningan
  • Kabayan = tukang di titah ka ditu kadieu
  • Kamasan = tukang nyieun perhiasan tina emas
  • Kuncen = tukang ngurus kuburan
  • Legig = tukang ngasruk dina pamoroan
  • Malim = tukang muruhkeun sato galak
  • Maranggi = tukang nyieun sangku keris
  • Nyarawedi = tukang ngagosok permata
  • Pakacar = tukang pangaladenan / bujang
  • Paledang = tukang nyieun parabot tina tembaga
  • Palika = tukang teuleum
  • Pamatang = tukang moro ngagunakeun tumbak
  • Pamayang = tukang ngala lauk di laut
  • Panday = tukang nyieun parabot tina beusi
  • Paneresan = tukang nyadap
  • Paninggaran = tukang moro ngagunakeun bedil
  • Sarati = tukang ngusir / muruhkeun gajah.
2. Kandang/ Tempat
  • Kandang hayam / domba / embe = paranje
  • Kandang japati = pagupon
  • Kandang kuda = istal / gedogan
  • Kandang lauk = buleng
  • Kandang maung (sato galak) = karangkeng/ gorogol
  • Kandang munding = pakandangan / karapyak
  • Kandang manuk = kurung 
3. Ngaran Kekembangan
  • kembang awi = eumbreuk
  • kembang bako = bosongot
  • kembang bawang = ulated
  • kembang bolang = ancal
  • kembang boled = tela
  • kembang cabe = bolotot
  • kembang cau = jantung
  • kembang cengek = pencenges
  • kembang cikur = jelengut
  • kembang eurih = ancul
  • kembang gedang = ingwang
  • kembang genjer = gelenye
  • kembang hoe = bubuay
  • kembang honje = combrang
  • kembang jaat = jalinger
  • kembang jambe = mayang
  • kembang jambu aer = lenyap
  • kembang jarak = uing
  • kembang jengkol = merekenyenyen
  • kembang jeruk = angkruk/angkes
  • kembang jotang = puntung
  • kembang kadu = olohok
  • kembang kalapa = suligar
  • kemang peuteuy = pendul
  • kembang kaso = curiwis
  • kembang kawung = pengis
  • kembang koneng = badul
  • kembang kulur = pelepes
  • kembang laja = jamotrot
  • kembang leunca = pengit
  • kembang limus = seleksek
  • kembang lopang = cacas
  • kembang muncang = rinduy
  • kembang pare = ringsang
  • kembang salak = sedek/gojod
  • kembang sampeu = dingdet
  • kembang taleus = ancal
  • kembang tangkil = uceng
  • kembang terong = moncorong
  • kembang tiwu = badaus
  • kembang waluh = alewoh.
4. Ngaran Anak Sasatoan
  • Anak anjing : kirik/kicik
  • Anak bagong : begu
  • Anak bandeng : nanar
  • Anak banteng : bangkanang
  • Anak bangbung : kuuk
  • Anak bangkong : buruy
  • Anak belut : kuntit
  • Anak bogo : cingok
  • Anak boncel : bayong
  • Anak buhaya : bocokok
  • Anak deleg : boncel
  • Anak embe : ceme
  • Anak gajah : menel
  • Anak hayam : ciak/pitik
  • Anak japati : piyik
  • Anak kancra : badal
  • Anak keuyeup : bonceret
  • Anak kuda : belo
  • Anak kukupu : hileud
  • Anak kutu : kuar
  • Anak lancah : aom
  • Anak lauk : kebul/burayak
  • Anak lele : nanahaon
  • Anak lubang : leungli
  • Anak maung : juag/aum
  • Anak monyet : begog
  • Anak munding : eneng
  • Anak reungit : utek-utek
  • Anak sapi : pedet
  • Anak ucing : bilatung


GUGURITAN/PUPUH
Kecap gurit asal tina basa Sangsekerta grath anu hartina nyusun karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangsing. Nurutkeun wincikanana dangsing atawa pupuh teh aya tujuh welas, nu masing-masing ngabogaan watek nu beda beda. Istilahna:
- Pada
- Padalisan
- Guru Wilangan ( jumlah engang dina unggal padalisan )
- Guru Lagu (dangdingdungna sora vokal dina engang panungtung)

1. Asmarandana
Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona:
Eling eling masing eling ( 8 engang - vokal 'i' )
  • E/ling/e/ling/ma/sing/e/ling (= guru wilangan 8)
    'eling' panungtung vokalna i (= guru lagu i)
rumingkang di bumi alam ( 8 - a )
darma wawayangan bae ( 8 - e )
raga taya pangawasa ( 8 - a )
lamun kasasar lampah ( 7 - a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 - u )
badan anu katempuhan ( 8 - a )

2. Balakbak
Watekna pikaseurieun.
Unggal pada diwangun ku 3 padalisan.
Contona:
Aya warung sisi jalan rame pisan - Citameng (15-e)
Awewena luas luis geulis pisan - ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet - nyanggereng (19-e)

3. Dangdanggula
Watekna bungah atawa agung.
Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
Contona:
Laut Kidul kabeh katingali ( 10-i )
ngembat paul kawas dina gambar ( 10-a )
ari ret ka tebeh kaler ( 8-e )
Batawi ngarunggunuk ( 7 - u )
lautna mah teu katingali ( 9 - i )
ukur lebah lebahna ( 7 - a )
semu semu biru ( 6 - u )
ari ret ka tebeh wetan ( 8 - a )
gunung gede jiga nu ngajakan balik ( 12 - i )
meh bae kapiuhan ( 7 - a )

4. Jurudemung
Watekna kaduhung atawa hanjakal.
Unggal pada diwangun ku lima padalisan
Contona:
Badan nu katempuhan ( 8 - a )
da bongan ngalajur nafsu ( 8 - u )
peurihna kapanggih ( 6 - i )
rek bongan bongan ka saha ( 8 - a )
ayeuna bati kaduhung ( 8 - u )

5. Durma
Watekna heuras atawa siap rek tarung.
Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona:
Mundur mapag balad Pandawa teu tahan ( 12 - a )
barisan beuki ipis ( 7 - i )
digempur Kurawa ( 6 - a )
Senapatina Karna ( 7 - a )
sakti manggulang mangguling ( 8 - i )
hese pantarna ( 5 - a )
moal aya nu nanding ( 7 - i )

6. Gambuh
Watekna bingung, samar polah atawa tambuh laku.
Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.
Contona:
Ngahuleng banget bingung ( 7 - u )
henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 - u )
turug turug harita teh enggeus burit ( 12 - i )
panon poe geus rek surup ( 8 - u )
keueung sieun aya meong ( 8 - o )

7. Gurisa
Watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.
Unggal Pada di wangun ku dalapan padalisan.
Contona:
Hayang teuing geura beurang ( 8 - a )
geus beurang rek ka Sumedang ( 8 - a )
nagih anu boga hutang ( 8 - a )
munmeunang rek meuli soang ( 8 - a )
tapi najan henteu meunang ( 8 - a )
teu rek buru buru mulang ( 8 - a )
rek tuluy guguru nembang ( 8 - a )
jeung diajar nabeuh gambang ( 8 - a )

8. Kinanti
Watekna miharep atawa prihatin.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.
Contona:
Kembang ros ku matak lucu ( 8 - u )
nya alus rupa nya seungit ( 8 - i )
henteu aya papadana ( 8 - a )
ratuning kembang sajati ( 8 - i )
papaes di patamanan ( 8 - a )
seungit manis ngadalingding ( 8 - i )

9. Ladrang
Watekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwnagun ku opat padalisan.
Contona:
Aki Dartam leumpangna ngagidig ( 10 - i )
gancang pisan, gancang pisan ( 8 - a )
bari aya nu dijingjing ( 8 - i )
mawa kisa eusina ucing anakan ( 12 - a )

10. Lambang
Watekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwangun iu opat padalisan.
Contona:
Nawu kubang sisi tegal ( 8 - a )
nyair bogo meunang kadal ( 8 - a )
atuh teu payu dijual ( 8 - a )
rek didahar da teu halal ( 8 - a )

11. Magatru
Watekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin.
Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.
Contona:
Mun sumuhun ieu teh namina curuk ( 12 - u )
nu alit namina cingir ( 8 - i )
anu panjang mah jajangkung ( 8 - u )
gigireunana jariji ( 8 - i )
anu pangageungna jempol ( 8 - o )

12. Maskumambang
Watekna prihatin, sasambat atawa nalangsa.
Unggal Pada diwangun kiu opat padalisan.
Contona:
Jalma kedul mumul ditambah jejerih ( 12 - i )
ulah ngarep senang ( 6 - a )
sabab mungguhing rejeki ( 8 - i )
tara datang teu disiar ( 8 - a )

13. Mijil
Watekna sedih, susah atawa cilaka.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan
Contona:
Beurang peuting tambah cape ati ( 10 - i )
jeung tambah rampohpoy ( 6 - o )
wungkul inget ka kabogoh wae ( 10 - e )
mugi aya kadar panggih deui ( 10 - i )
mun teu panggih deui ( 6 - i )
anggur pondok umur ( 6 - u )

14. Pangkur
Watekna nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.
Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona:
Seja nyaba ngalalana ( 8 - a )
ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 - i )
henteu puguh nu dijugjug ( 8 - u )
balik paman sadaya ( 7 - a )
nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 - u )
Lurah Begal ngawalonan ( 8 - a )
" Aing ngaran Jayapati " ( 8 - i )

15. Pucung
Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku opat padalisan.
Contona:
Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 - u )
jeung nyenangkeun bapa ( 6 - a )
tanda yen bagjana gede ( 8 - e )
hirup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 - a )

16. Sinom
Watekna gumbira.
Unggal Pada diwangun ku salapan padalisan.
Contona:
Di wetan fajar balebat ( 8 - a )
panon poe arek bijil ( 8 - i )
sinarna ruhay burahay ( 8 - a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 - i )
campur wungu saeutik ( 7 - i )
kaselapan semu biru ( 8 - u )
tanda Batara Surya ( 7 - a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 - a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 - a )

17. Wirangrong
Watekna era atawa wirang.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.
Contona:
Jalma nu resep ngaluis ( 8 - i )
lumrahna resep ngaleos ( 8 - o )
ngan pacuan resep ngusut ( 8 - u )
komo mun resep ngarujit ( 8 - i )
teu aya batan basajan ( 8 - a )
sagala sigar tengahan ( 8 - a )


Mudah-mudahan aya mangpaatna...